Jagat Sunda

Milangkala ka-8, SMAN 2 Lémbang Terus Ngalegaan Ambahan Internasional Ngaliwatan Sister School

Lémbang, Info Burinyay – SMAN 2 Lémbang ngagelar milangkala ka-8 dina poé Kemis, (21/8/2025). Salasahiji runtuyan kagiatan téh dilaksanakeun prosési néken mimitran (MoU) jeung Debsirinromklao School, sakola satata SMA di Bangkok, Thailand. (setingkat SMA). Kepala SMAN 2 Lembang, Ernawati, M.Pd., nétélakeun yén éta kagiatan miéling téh jadi lenyepaneun pikeun tatahar ka hareupna. Nurutkeun Erna, sanajan kasebutna SMAN nu bungsu, tapi tas méré kontribusi nu gedé di widang pendidikan, sarta ngalegaan mimitran jeung sakola-sakola luar negeri.

“SMAN 2 Lémbang ngalarapkeun program ti Dinas Pendidikan Jawa Barat sareng Kemendikdasmen, husus dina atikan karakter mah nyoko kana ajén Gapura Pancawaluya sarta Tujuh Kebiasaan Anak Indonesia Hebat,” ceuk Erna basa diwawancara ku infoburinyay.com di kampus SMAN 2 Lémbang, Jalan Maribaya No. 68, Desa Langensari, Kecamatan Lembang, Kabupaten Bandung Barat.

Erna ngémbohan yén SMAN 2 Lémbang teu ngawilah-wilah ageman muridna. Kabéhanana babarengan, sauyunan, kaasup dina ngareuah-reuah milangkala ka-8, siwa nu ngagem kapercayaan gé ilubiung.  Pon kitu deui jeung budaya tani. Siswa dialajar ka kebon, ngingu sapi, jeung tatanén lianna dina raraga diajar kaarifan lokal.

“Sakola Thailand téh kataji ku konsép Pancawaluya. Aya karep hoyong teleb deui naon nu disebat bageur, bener, pinter, cageur, tur singer. Malihan mah grand design Pancawaluya dicandak pikeun diteuleuman,” ceuk Erna tandes naker.

Kepala SMAN 2 Lémbang, Ernawati M.Pd., masrahkeun tumpeng. (photo-yk_

Milangkala ka-8 SMAN 2 Lembang téh jejerna “Eightopia – Where Dreams Reside”. Pupuhu calagara, Siti Khodijah, S.Pd., nétélakeun yén harti jejerna téh harepan murid nu larap dina kahirupan. Sangkan bisa ngawujud téh dimimitian ku diajar di SMAN 2 Lembang. Diatik luyu jeung visi misi sakola nyaéta siswa nu religius, unggul, kompetitif, ngabudaya, juga mibanda wawasan lingkungan.

“SMAN 2 Lémbang maparin dampak positif pikeun murid sangkan ningkatkeun branding sekolah tur medalkeun lulusan unggulan. Para guru sareng tanaga kependidikan teras ningkatkeun kompeténsi,” pokna.

Ketua OSIS SMAN 2 Lémbang, Nazwa Fauziah, nétélakeun yén sakabéh siswa ilubiung dina kagiatan milangkala. Najan kitu, ceuk Nazwa, kagiatan sakola kudu basajan, neueul kana pintonan karya seni para siswa, kayaning layeutan sora, pintonan musik, tari, karawitan, sarta unggal kelas kudu midang dina pinton anggon (fashion show).

“Alhamdulillah, milangkala ka-8 SMAN 2 Lémbang téh ramé pisan, bingah, angot sumping tamu ti Thailand,” ceuk Nazwa, siswi kelas XII Fase F4.

Dina Melawati, siswi kelas XII Fase F3 sekaligus host program Sister School, ngarasa bunga bisa gaul jeung n siswa Thailand. Dina kungsi ka Thailand. Nurutkeun Dina, budaya disiplin siswa Thailand téh alus pisan.

“Janten guru di Thailand mah teu riweuh ngatur barisan, margi siswa-siswana disiplin. Sim kuring miharep program Sister School tiasa teras,” pokna.

Kepala Debsirinromklao School Bangkok Thailand, Dr. Wirachai Boo you (kénca), jeung Koordinator Sister School, Mr. Charat Traiboon. (photo-yk)

Wakil Kepala Sakola widang Humas SMAN 2 Lembang, Dulhamin Arif, S.Pd., nétélakeun yén program Sister School jeung Debsirinromklao School Thailand téh dilaksanakeun tanggal 17 nepi ka 22 Agustus 2025. MoU nu ditéken ayeuna, ceuk Arif, ogé tas lumangsung jeung sababaraha lembaga saacanna.

MoU nu ditéken téh ngawengku genep bidang mimitran, nyaéta kolaborasi akademik, pertukaran guru, pertukaran siswa, pertukaran budaya, panalitian, jeung pelatihan. Aya 34 wawakil Thailand nu datang, nyaéta Kepala Debsirinromklao, Dr. Wirachai BoonYou, koordinator Sister School Mr. Charat Traiboon, 12 guru, jeung 21 siswa.

“Dipilihna 17 Agustus téh jalaran sacara nasional nuju ramé miéling kamerdékaan. Tamu ti Thailand kataji pisan ku kamotékaran masarakat Indonésia dina ngareuah-reuah Agustusan,” ceuk Arif tandes naker.

Kepala Debsirinromklao School Thailand, Dr. Wirachai BoonYou miharep pihak SMAN 2 Lémbang bisa nganjang ka Thailand. Inyanan nandeskeun yén tujuan utama sister school téh ningkatkeun ajén atikan.

“Bingah pisan tiasa dongkap ka SMAN 2 Lémbang. Tiasa babagi pangalaman ngajar sareng budaya Thailand ka para siswa SMAN 2 Lémbang. Atuh diantos di Thailand, urang sasarengan silih simbeuhan pangarti,” ceuk  Wirachai.

Siswa Thailand nu midang dina acara Milangkala ka-8 SMAN 2 Lémbang. (photo-yk)

Koordinator Sister School, Charat, nétélakeun yén SMAN 2 Lémbang tas tas sigai mah kadua. Pikabetaheun jeung tumaninah ku pangbagéa guru jeung siswa. “Ieu téh nu katiluna dongkap. Sanaos bénten ageman sareng budaya, toléransi di Indonésia téh saé pisan,” pokna.

Para guru Thailand téh ngajar di lima kelas SMAN 2 Lémbang. Medar matéri ngeunanaa budaya, katuangan, jeung sistem pendidikan di Thailand.

Yadi Karyadipura

Leave a Comment

Recent Posts

GP Ansor Jadi Motor Baru Ekonomi Rakyat, Cucun Ahmad Syamsurijal Beri Apresiasi

Soreang, Info Burinyay - Wakil Ketua DPR RI Cucun Ahmad Syamsurijal menegaskan, Gerakan Pemuda (GP)…

37 menit ago

Rumah Taruna Bimbing Siswa SMA Telkom Bandung Wujudkan Cita-Cita Masuk Sekolah Kedinasan

Bojongsoang, Info Burinyay – Ratusan orang tua siswa SMA Telkom Bandung memenuhi Gedung Damar Telkom…

1 jam ago

Pemdes Margaluyu Gaspol Optimalkan Bonus Panas Bumi, Infrastruktur Desa Makin Bedas

Pangalengan, Info Burinyay – Pemerintah Desa Margaluyu, Kecamatan Pangalengan, terus beraksi cepat memanfaatkan Program Bonus…

2 jam ago

PRIMA Gelar Aksi Nyata: Pemasangan Kawat Bronjong di Kampung Lamajang untuk Cegah Banjir

Dayeuhkolot, Info Burinyay - Puluhan anggota Perhimpunan Remaja Masjid (PRIMA) turun langsung melaksanakan bakti sosial…

7 jam ago

Napak Tilas Hajat Huluwotan, Warga Mekarsari Rayakan Syukur atas Melimpahnya Air Gunung Geulis

Pasirjambu, Info Burinyay - Forkopimcam Pasirjambu, Kabupaten Bandung, menghadiri kegiatan Napak Tilas Hajat Huluwotan 2025…

7 jam ago

FWK Desak Pemerintah Prabowo Perbaiki Dunia Pendidikan Secara Menyeluruh

Jakarta, Info Burinyay — Pemerintah di bawah kepemimpinan Presiden Prabowo Subianto dinilai harus segera memperbaiki…

21 jam ago

This website uses cookies.